Minggu, 30 Oktober 2016

NGABUKU TAUN

HAJAT BUMI (MUHARAMAN/ NGABUKU TAUN)
ala Desa Cikalong Kecamatan Sidamulih Kabupaten Pangandaran
Ciri sabumi cara sa desa, kitu basa nu sok di obrolkeun di urang sunda, ngeunaan mapag taun nu anyar (hijriah) biasa di desa Cikalong Kecamatan Sidamulih Kabupaten Pangandaran sok mapagna ku istilah HAJAT BUMI (MUHARAMAN/ NGABUKU TAUN). Eta istilah geus ngadarah daging jadi Budaya di eta wewengkon. Kabeh warga geus apal yen nu disebut Hajat Bumi (muharaman) ngarupakeun kagiatan maneuh saban tahun di bulan Muharam. Mun seug di umum mah Mapag tahun baru (bulan MASEHI). Biasana umat sakumna di dunya inget kana eta bulan pikeun rame-rame nyarieun kagiatan anu sifatna hura-hura. Teu saeutik warga nu teu inget kana bulan soranganmah nyaeta bulan muharam. Bari jeung dina ayana oge mielingna biasa wae. Tah ku perkara ieu aya alusna di desa Cikalong saban mapag taun anyar aya kagiatan Hajat Bumi nu sifatna positif.
Hajat Bumi mangrupakeun panyangreud tali silaturahmi pikeun sakumna warga, dina poe nu geus di tangtukeun sakumna warga daratang nyempetkeun merekeun maneh tina sagala widang kagiatan pribadi, sabab dina poe Hajat Bumi mangrupakeun ajen pikeun nyawalakeun sagala pasualan nu aya di wewengkon warga. Biasana ngalaksanakeun Hajat Bumi di saban wewengkon kaRW-an masing-masing gebyar sa desa.
Sababaraha perkara nu dibadamikeun diantarana :
1.      Milih Ketua RT/RW/Pupuhu Lembur mun geus nincak masa akhir ngajabat.
2.      Ngalaporkeun tina hasil sagala rupa kagiatan di wewengkon (mun cek basa legegnamah nga-LPJ-keun.)
3.      Nyawalakeun masalah tatanen.
4.      Kaagamaan
5.      Jrrd.
Lumangsungna Hajat Bumi dirembug ku sakumna warga, ngan masalah konsumsinamah aya nu ngurus nyaeta panitia nu geus maneuh nu nyekel Lumbung Paceklik.
Ngeunaan Lumbung Paceklik penting pisan keur ngabantu dina sagala perkara kabutuhan warga, ti mimiti kagiatan nu sifatna umum (jalan, masjid, kaamanan) oge ngabantu ka warga nu kakurangan pangan atawa sandang, masalah mayarnamah bisa di cicil tiap panen kitu oga mun hasil tatanena aya, mun tatanena nihilmah bisa tempo.
Balik deui kana masalah Hajat Bumi, biasana aya wawangunan anu di siapkeun ti wewengkon. Tiap tauna pindah-pindah nguriling sa wewengkon RW. Dina wawangunan sok digarantungkeun sagala hasil tatanen ti mimiti buah-buahan, sayur-sayuran, beubeutian jeung rea-rea deui. Eta perkara biasan pada ngadahar dina waktu ngaruag oga pada marawa jang bekel nu di imah. 
Acara Hajat Bumi biasana di mimitian ku sagala perkara kasebut di luhur, saterusna di pungkas ku pangaosan.
Cindekna :
Kagiatan kasebut mangrupakeun kagiatan anu maneuh/ positif pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagri, jeung bisa sangkan nguatkeun tatali silaturahmi antar warga, oge perkara eta hade pisan pikeun warga mieling dina mapag taun nu anyar pikeun semangat nu anyar dina taun nu anyar.
Mudah mudahan dijadikeun tauladan pikeun sakumna, inget jeng eling kagustina.

Cag.