HAJAT BUMI (MUHARAMAN/
NGABUKU TAUN)
ala Desa Cikalong Kecamatan
Sidamulih Kabupaten Pangandaran
Hajat Bumi mangrupakeun panyangreud tali silaturahmi
pikeun sakumna warga, dina poe nu geus di tangtukeun sakumna warga daratang nyempetkeun
merekeun maneh tina sagala widang kagiatan pribadi, sabab dina poe Hajat Bumi mangrupakeun ajen
pikeun nyawalakeun sagala pasualan nu aya di wewengkon warga.
Biasana ngalaksanakeun Hajat Bumi di saban wewengkon kaRW-an masing-masing
gebyar sa desa.
Sababaraha perkara nu dibadamikeun diantarana :
1.
Milih Ketua RT/RW/Pupuhu Lembur mun geus nincak
masa akhir ngajabat.
2.
Ngalaporkeun tina hasil sagala rupa kagiatan di wewengkon
(mun cek basa legegnamah nga-LPJ-keun.)
3.
Nyawalakeun masalah tatanen.
4.
Kaagamaan
5.
Jrrd.
Lumangsungna Hajat Bumi dirembug ku sakumna warga,
ngan masalah konsumsinamah aya nu ngurus nyaeta panitia nu geus maneuh nu
nyekel Lumbung Paceklik.
Ngeunaan Lumbung Paceklik penting pisan keur ngabantu
dina sagala perkara kabutuhan warga, ti mimiti kagiatan nu sifatna umum (jalan,
masjid, kaamanan) oge ngabantu ka warga nu kakurangan pangan atawa sandang,
masalah mayarnamah bisa di cicil tiap panen kitu oga mun hasil tatanena aya,
mun tatanena nihilmah bisa tempo.
Balik deui kana masalah Hajat Bumi, biasana aya
wawangunan anu di siapkeun ti wewengkon. Tiap tauna pindah-pindah nguriling sa wewengkon
RW. Dina wawangunan sok digarantungkeun sagala hasil tatanen ti mimiti
buah-buahan, sayur-sayuran, beubeutian jeung rea-rea deui. Eta perkara biasan
pada ngadahar dina waktu ngaruag oga pada marawa jang bekel nu di imah.
Acara Hajat Bumi biasana di mimitian ku sagala perkara
kasebut di luhur, saterusna di pungkas ku pangaosan.
Cindekna :
Kagiatan kasebut mangrupakeun kagiatan anu maneuh/
positif pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagri, jeung bisa sangkan nguatkeun
tatali silaturahmi antar warga, oge perkara eta hade pisan pikeun warga mieling
dina mapag taun nu anyar pikeun semangat nu anyar dina taun nu anyar.
Mudah mudahan dijadikeun tauladan pikeun sakumna,
inget jeng eling kagustina.
Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar