GURU….DIGUGU
JEUNG DITIRU……..
Nyawang mangsa katukang basa ngalap elmu di Sakola
Dasar (SD) asa reueus mun ningali bapa atawa ibu guru, patekadan dina hate mun
geus nincak dewasa asa hayang ulung kumawula di sakola jadi tanaga pendidik.
Someahna, ajrihna ka bapa ibu guru asa taya nu nandingan. Guru jaman harita
jadi panutan pikeun sakumna masarakat, guru boga ajen luhur dina sagala widang
ti mimiti kagiatan di lingkungan, organisasi oge di pamarentahan. Singgetna
guru teh kawilang sagala bisa (multi talent). Bisa maca, nulis jeung ngitung ti
saha deui mun lain ti bapa ibu guru, jeung asa piwejang atawa piwuruk guru
estuning digugu jeung dilaksanakeun sok ngelehkeun kana parentah ti indung
bapa, mun di wurukan di imah sorangan ku kolot teu sapagodos jeung hatena sok aya basa saur
ibu bapa guru oge sanes kieu tapi kedah kitu .
Bungah teuing mun bisa jadi guru, bisa ngaheuyeuk
dayeuh ngolah nagara dina widang pendidikan, bisa minterkeun bangsa sangkan teu
katinggaleun ku bangsa sejen, hiji pagawean nu mulya pikeun di dunya oge di
akherat. Bajoang guru estu toh pati jiwa jeung raga, contona teu saeutik guru
ditempatkeun di daerah terpencil nu sagala hese ti mimiti jalan patempatan oge
kadaharan, tapi teu ngajadikeun halangan pikeun maranehna sok sanajan boga gajih
nu teu ilahar jeung kaumuman. Numatak boga julukan Pahlawan Tanpa Tanda Jasa.
Mangsa nicak dewasa eta cita-cita
basa leutik kataekan jadi guru, mimiti jenengmah asa bungah amarwata suta bungah ka giri-giri pamikirteh ayeuna kuring
bisa kumawula ka nagri. Singhorengteh jadi guru estuning teu bisa dianggap
enteng, lain ngan ukur gandang ginding
make seragam asal datang ka sakola, tapi guru hiji tanggung jawab nu beurat
pikeun ngatik ngadidik muridna sangkan pinter, iman, jujur jeung disiplin. Lain
ngan eta wungkul tapi guru sing bisa dipake conto ku balarea dina kahirupan
sapopoe. Tah nu beurat palebah dipake conto di masarkat umumna, rengkah paripolah reundeuk igel kudu
nyurup ngaran guruna. Kapercayaan masarakat tangtuna bakal moal unggut kalinduan gedag kaanginan estu
dipiguru, Tapi mun sabalikna guru teu bisa dipake conto nu hade ku masarakat
bakal jadi petaka jang dirina oge guru
nu lian.
Guru kudu bisa hiber, napak sancang jeung nerus bumi, nyaeta guru bisa
merjoangkeun anak didikna ka nu di laluhur, kudu bisa hade jeung sasama, oge
bisa neuleuman kahayang anak didikna. Guru jadi panutan pikeun balarea dina
sagala widang, mun di daerah sagala rupa pasualan nyokona ka guru. Urusan
sakola, urusan kahirupan sapopoe nepika urusan kahirupan di rumah tangga sok
nayakeun ka bapa jeung ibu guru.
Iwal ti eta guru oge kualitas jeung
kuantitasna kudu siap, malahan katangtuan ayeuna yen guru sakola dasar oge kudu
kaluaran paguron luhur (S1), bisa nyiptakeun pamanggih (karya ilmiah/ karya
inovatif) nu ajena jang balarea. Guru kiwari ulah kuuleun, cilereun, tinggaleun
pasti bakal beakeun (babasan Kasi SD
Disdikbudpora Kab. Pangandaran).
Jaman baheula aya paribasa murid soson-soson diajar, guru sing jongjon
ngajar, babasan eta asa naceb na hate pikeun guru dina mere elmu ka muridna
teu bisa dianggap kaulinan, tanggung jawab eta estuning tanggung jawab nu mulya,
mun dina nyieun kadaharanmah kudu sing bener nyieun adonanana sing alus
nyitakna sangkan hasilna hade pikeun nu merlukeuna, tangtuna bakal loba nu
mikahayangna.
Mun nilik kana bajoang asa pantes
mun guru nu di pake panutan ku balarea dipake tauladan ku masarakat umumna
dibere tunjangan nu merenah nu bisa digunkeun dina kahirupan sapopoena. Nya
kiwari laksana guru dibere tunjangan, nu ngarana Tunjangan Profesi. Nu tujuan eta tunjangan sangkan guru bisa
ningkatkeun ajen luhur pikeun ngaronjatkeun dina widang pendidikan. Ku hal eta
cek pamikir kuring asa lewih beurat sabab mun geus kaasup guru nu professional
kudu katingal ku masarakat umumna kumaha
nu di sebut guru professional, lamun patojaiah jeung harepan masarakat
bakal goreng balukarna. Mun aya sabab
pasti aya akibatna, sabab mun dibanding pagawe nu liana, guru geus diperhatikeun
ku pamrarentah tina sual tunjangana.
Masalah ieu ulah sok nyoko ka nagara deungeun sabab aya paribasa lain koki lain masakan, lain lubuk lain
ikannya, sagala hal pasti mun geus nepi kana waktuna bakal karasa nimatna.
Mun geus narima tunjangan kudu inget dipake naon heula eta tunjangan teh, geus
dipake pikeun ningkatkeun di widang pendidikan atawa dipake jang nu lian? Asa
salah mun eta tina hasil tunjangan salah nerapkeuna.
Kadang salah harti guru nu geus
narima tunjangan sok aya basa, sagala
hese cenah, loba tuntutan dina hal
kumaha cara ngajar nu hade, oge mun hayang naek tingkat atawa golongan. Sabab
dina hal kasebut guru kudu bisa nyiptakeun karya nu inovatif, kreatif jeung nu
liana. Teu salah pamarentah boga aturan kitu nu maksudna sangkan guru bisa
dijadikeun conto ku anak didikna jeung balarea. Mun ngarasa beurat dina manggul
eta amanah berarti can waktuna jadi guru
nu professional. Ngan sabalikna ka pamarentah oge kitu deui ulah ngahese-ngese
ka nu geus waktuna meunang tunjangan.
CAG
Tidak ada komentar:
Posting Komentar